Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Selamat Datang Di Situs Kami
Bismilahirrahmanirrahim
Tafsir Mimpi atau Arti mimpi ini Sebagian Besar Di ambil dari Kitab Ta'bir Ru'yah Shoghir karya Ulama Besar Syekh Muhammad Bin Sirrin. Disertai Dengan Contoh dan Kisah nyata dari berbagai Sumber Semoga Bisa Bermanfaat. Serta Artikel artikel Islami, Semoga Menambah Hasanah Ke Islaman Kita... Amin
Home » » SASIH HAPIT SARENG SASIH RAYAGUNG

SASIH HAPIT SARENG SASIH RAYAGUNG

Posted by KUMPULAN ILMU DAN CERITA on Rabu, 11 Februari 2015

AMALAN SADIDINTEN : SASIH HAPIT SARENG SASIH RAYAGUNG

SASIH HAPIT 

Sasih hapit oge teu aya amalan anu husus,mung biasa bae. Urang mah ulah kosong,nuju kumaha bae oge manah kedah dieusi ku : Tasbeh, Tahlil, Tahmid, Solawat, atanapi naon bae.

SASIH RAYAGUNG

Sasih rayagung teh, sok di sebut oge Raya Agung. Margi sasih rayagung teh sasih waktosna umat islam ti sakuliah alam dunya ngajalan keun rukun islam anu ka limana.

Peribadahannana nyonto ka rosululloh,sareng memperemut kajadian-kajadian para Nabi anu kapungkur, sapertos KN adam.

St.hawa, KN Ibrohim, KN Ismail, St.Hajar terutami tiasa kurban dina dintenan lebaran Haji, ping 10 Rayagung sareng dinten-dinten Tasyrek (ping 11,12,13 Rayagung).

Saha jalma anu kurban;bakal di paparin ganjaran nu rupi-rupi ti Alloh.

a. Kaluar ti imahna seja rek meuli domba,tiap lengkah na dituliskeun 10 kahadean, di pupus 10 kajahatan sareng di angkat 10 darajat.

b. Rebut tawar dina meulina, omongannana dianggap maca tasbeh.

c. Duitna di tikel-tikel,hargana,pangajina dugi ka 700 tikeuleun.

d. Dimana eta domba digolerkeun bade di peuncit.sadayana mahluk pangnedakeun hampura dugi ka poe Qiamah.

e. Nyebrotna getih dina tiap-tiap tetes, di damel 10 malaikat, anu teras-teras mangnedakeun hampura dugi ka poe Qiamah.

f. Dimana di bagikeun dagingna : tiap huap ganjarannana sami sareng ngamerdikakeun putra putu KN I smail as.

Dawuhan KNM saw ka Daud as.

Umat M uhammad anu kurban , ganjarannana, diitung tiap tiap bulu dombana, meunang 10 hasanah.

Mupus 10 kagorengan. Tiap-tiap hasanah meunang 1 gedong di Surga . 

Sato nu sok dianggo kurban nyaeta :

1. Embe, Domba, 2 Munding, 3. Sapi, 4. Onta.
2. Aya hadis ancaman ka sing saha anu boga harta, tapi henteu kurban a lebar, maka maotna paur bakal jadi, Yahudi atawa Nasroni.
3. Wiridan kanggo Sasih Rayagung

Dia'os ba'da Subuh ti ping 1 dugi ka ping 10 (sapuluh balikan)
Hartosna: wab.
"Teu aya deui Pangeran anu disembah kajabi alloh , saeuer-seueuna Waktu"
"Teu aya deui Pangeran anu disembah kajabi alloh, saseueur-seueur ombak laut."
"Teu aya deuiPangeran anu disembah anging Alloh, saseueur-seueuna jajadian jeung tatangkalan"

4. Disalametkeunnana KN Ibrohim as keluar tina seuneu, jaman raja Namrud.

5. Dikempelkennana KN Ya'kub as. sareng KN Yusup as.

6. Didamangkeunnana KN Ayub tina panyawat borok sadaya salirana.

7. Ditarurut da"wahna KN Musa sareng KN Harun.

8. Oitaekkl'unnana KN lsa bin Maryam ka langit.

9. Oitulun~annana KNM. dina pangperangan.

!O. Oitelasannana Syd. Hasan - Husen.

11. Didamelna Surga - Naraka - 'Arasy - Kursi Lohmah­fudz -. Kolam - Bumi sareng langit.

12. Didamelna malaikat Jibril, Mikail. IsroW sareng 'Azroil.

13. Kangjeng Nabi Nuh as. saparakancana, mendarat saba'da dunya dikerem 40 dinten ( Sasakala bubur sura)

Ping 10 ngaos Du'a 'Asyuro (anu sami eusina sareng kajadian­ kajadianna )

tedunan pangabutuh abdi sadaya, he nu ngurus kasaean,
anu ngicalkeun sadaya kaawonan kalayan kamulyaan, kahormatan poe 'Asyuro.
"He Dhat anu hirup, anu jumeneng, he Dhat anu kagungan ka.
agungan, sareng kemulyaan, he Dhat anu ngamilik dinten wawales, kalayan Rohmat Anjeun, he Dhat anu welas asih, Maha suci Gusti anu kagungan kaagungan tina sagala pangucapna jalma-jalma anu
kalupur ; sareng ari kasalametan eta tetep ka sadayana para Rosul; sareng ari sadaya puji eta telep kagungan Alloh pangeran sakabeh alam..  Fatihah lx.
" Ya Alloh! Mugi Gusti nolak, nyegah ti abdi sadaya, tina ka. mahalan, tina bahIa, tina wabah sareng rupi-rupi kajahatan. ka. kacoan. bancang pakewuh, sareng cocobi lahir batin, ti nagara abdi khususna. sareng nagara muslim umumna, karana saestuna Gusti.
mah kawasa kana sagala rupi perkara; kalawan Rohmat Gusti, he Dhat anu welas Asih!
Du'a Asyuro ti Bapa Prof. Musaddad ping 3-10-84
(pondok namung mundel)

Hartosna: wab.
Ya Alloh anu tukang ngahapus (ngaleungitkeun) tiap-tiap
kasusahan. sareng anu ngaluarkeun Kanjeng Nabi Yunus tina lauk nun (lauk hiu) dina dinten Asyuro, Anu ngahampura dosana KN Daud dina dinten Asyuro, Anu parantos ngadamangkeun KN Ayub dina dinten Asyuro. sareng anu parantos ngadangu (narurut.) kana
da'wahna KN Musa sareng KN Harun dina dinten asyuro. Sareng
anu  parantos ngadamel ruhna KN Muhammad saw. dina dinten
Asyuro. Ya Alloh anu kagungan sifat Rohman (nyaahan) di dunya
sareng di aherat. teu aya deui Pangeran. anging Anjeun. Gusti! Anu tukang  nedunan (nyumponan) sadaya pangabutuh abdi.di dunya
sareng di aherat. Sareng panjangkeun umur abdi dina jero to'at, bakti.
Sareng cinta-mahabbah ka gusti, kalawan rido Gusti. He anu pang asih-asihna ti sakabeh nu asih! Sareng hirupkeun abdi, kalawan kahirupan anu sae, sareng maotkeun abdi dina kaislaman sareng kaimanan, He anu pangasih-asihna ti sakabeh anu asih. Sareng ari sadaya rohmat, sareng kasalametan eta muga tetep ka dunungan abdi sadaya Kanjeng Nabi Muhammad saw sareng ka kulawargina sareng ka sohabatna. Sareng ari sadayana puji eta kagungan Alloh anu mangeranan sadaya alam.
Salcuacanna rolat subuh, sunal adus: niat ngahonna.t poe
Asyurr) sarcng n01ak halai karana Alloh.

Thanks for reading & sharing KUMPULAN ILMU DAN CERITA

Previous
« Prev Post

Popular Posts

Labels

Translate

free counters